Selasa, 14 Mei 2024

AKSARA SUNDA KUNO (VII)

 




AKSARA SUNDA

Aksara Sunda téh sok disebut ogé aksara kaganga. Tata tulis éta aksara téh dimodifikasi tina aksara-aksara kuno nu kapanggih dina naskah jeung prasasti. Kiwari aksara kaganga téh digunakeun keur rupa-rupa kaperluan, antarana baé digunakeun pikeun plang ngaran jalan, plang ngaran instansi pamaréntahan, plang di tempat-tempat wisata, jeung sajabana.

Dina pangajaran ayeuna bakal diwanohkeun deui kumaha cara nuliskeun aksara Sunda, maca téks dina aksara Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan.



Kanggo Materi AKSARA SUNDA KUNO, tiasa di DOWNLOAD kucara

  KLIK DIDIYEU atanapi DIDIYEU

....................................... 

Senin, 13 Mei 2024

SISTEMATIKA LAPORAN KEGIATAN

 

Sistematika Laporan kegiatan

Saat akan membuat laporan kegiatan bahasa Sunda, salah satu hal yang terpenting adalah kita harus menentukan terlebih dahulu sistematikanya.

Meskipun sistematika atau urutannya tidak baku, akan tetapi dalam membuat laporan kegiatan bahasa Sunda biasanya meliputi beberapa bagian yang perlu untuk diperhatikan, misalnya saja di antaranya yaitu bubuka, latar belakang, tujuan, hasil kegiatan, dan lain sebagainya.

Langkah-langkah dan Cara Membuat Laporan

Mengutip dari buku pelajaran Basa Sunda, ada beberapa hal yang perlu kita perhatikan sebelum membuat laporan kegiatan bahasa Sunda, yaitu:

  1. Membuat judul laporan yang benar sesuai dengan kegiatan yang dilakukan.
  2. Menyusun kalimat pembukaan.
  3. Menyusun isi laporan yang berisi gagasan-gagasan atau ide pokok dan saran yang disertai alasan terhadap laporan hasil pengamatan.
  4. Menulis kalimat penutup.

Conto Laporan Kagiatan Basa Sunda

 

LAPORAN PASANTREN KILAT SMP CENDEKIA BURANGRANG



KECAP PIHATUR

Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan,najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.

Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean..
Saya contek dari sebuah AD/ART radio di bandung ...tapi kayaknya ga nyambung yah , tapi sok dirobih nya...bilih aya nulepat/salah






BAB I
BUBUKA

1.1 KASANG TUKANG

Dina rangka ningkatkeun ketakwaan sarta keimanan ka Gusti Allah SWT, OSIS SMP Cendekia Burangrang  atos ngayakeun kagiatan Pasantren Kilat salama sasih Ramadhan 2023. Acara diayakeun dina bentuk rupa rup- kagiataan jiga ceramah, pasanggiri biantara, kaligrafi, jeung adan.

1.2 TUJUAN KAGIATAN

Nagayakeun program OSIS SMP Cendekia Burangrang mangsa baktos 2022/2023

Janteun ajang ngalatih karajinan jeung kawanteran siswa SMP Cendekia Burangrang

Mieling sasih mulia nyaeta Ramadhan tur nambah kagiatan positif kanggo siswa

1.3  DUMASAR KAGIATAN

Program kerja OSIS SMP Cendekia Burangrang 2022/2023

Kaputusan musyawarah pangurus OSIS & MPK OSIS SMP Cendekia Burangrang

BAB II
EUSI LAPORAN

2.1  TEMPAT & WAKTU

Kagiatan ieu kajalankeun lancar, sanajan aya tahanan-tahanan dina parsiapan atawa dina acara dilangsungkeun. Aya oge kagiatan dilumajeungkeun dina:

Waktos : Jumat, 29 April 2023 – Sabtu, 30 April 2023 tabuh 08.00 WIB

Tempat : Aula jeung kelas OSIS SMP Cendekia Burangrang

2.2 PAMILON

Peserta nu diulem dina ieu acara ieu nyaeta sakumna kaluarga badag SMP Cendekia Burangrang anu diwangunti:

1. Biantara : maksimal tilu jalmi salaku wawakil kelas
2. Kaligrafi :maksimal dua jalmi salaku wawakil kelas
3. Adan : maksimal dua jalmi salaku wawakil kelas

2.3  SUSUNAN ACARA PUNCAK

Pambuka
Ngaos ayat suci Al-Qur'an
Dua khotmil
Ngaos shalawat jeung Al Barjanji
ISOMA
Prakata katua panitia
Sambutan Kapala Sakola
Ngaos sasareungan
Pangumuman jawara
Panutup jeung dua

2.4 HASIL KAGIATAN

Dina ieu acara, aya sabeberiji paserta lomba anu janteun jawara diantarana:

1. Kaligrafi
Cecyl Awani (9A)
Mayta A (8E)
Azizah Nur (8F)

2. Biantara
Acep Rukmini (8G)
Sinta Janawati (9A)
Sholeh M Fajar (8B)

3. Adan
Riki Hermawan (9C)
Taufik Hidayat (9B)
Doni Alex (8A)

BAB III
PANUTUP

3.1  SARAN

Mugia ieu acara Pasantren Kilat tiasa lumangsung luyu sarta perencanaana heunteu janteun kasalahan jeung eusina loba elmu nu tiasa ditarik dina cara ieu. Mugia tiasa janteun mangfaat kanggo angkatan OSIS Cendekia Burangrang salanjeungna.

3.2 PANUTUP

Kagiatan Pasantren Kilat SMP Cendekia Burangrang ieu lumangsung kalawan langsar, sarta teu aya halangan harungan. 







----------------------------------------------------------------------------------------------

Contoh 2

“LAPORAN PERTANGGUNG JAWABAN KAGIATAN KARYA WISATA KARANG TARUNA SUMEDANG”

A. KASANG TUKANG

 

A. KASANG TUKANG

Dumasar kana diayakeuna program kerja Karang Taruna Kabupaten Sumedang ieu ogé kumargi sakumaha kauninga urang sadaya yén kaitung penting kagiatanana. Sapertos kagiatan wisata anu atos dilumangseungkeun ku urang sadaya, kukituna ieu laporan janten penting kanggo keterbukaan informasi.

Kagiatan karya wisata ieu janteun acara rutin kanggo pamuda Karang Taruna yen tiasa kengeng mangfaat hiburan oge. Salian ti eta, pangurus Karang Taruna janteun gaduh panambih elmu jeung pangalaman anu bisa dicaritakeun ka kulawargi oge pamuda anu bakal ngadeg di kapangurusan salanjeungna.

B. TUJUAN KAGIATAN

Aya ogé tujuan tina kagiatan karya wisata ieu nyaeta:
1. Nyugemakeun tiap Anggota jeung Pengurus Karang Taruna Kabupaten Sumedang
2. Nambah elmu sarta pangaweruh tur rasa silih paduli antar anggota oge Pengurus Karang Taruna Kabupaten Sumedang
3. Nunjukkeun kakayaan budaya sarta kaendahan alam anu aya di sakitar lingkungan Karang Taruna Kabupaten Sumedang

C. NAMI KAGIATAN

Nami ieu kagiatan nyaéta “WISATA KARANG TARUNA KABUPATEN SUMEDANG”

D. WAKTOS & TEMPAT KAGIATAN

Kegiatan ieu rencanana bakal dilumajeungkeun dina:

Poe : Jumat wengi dugi ka Sabtu enjing
Kaping : 5 – 7 September 2023

E. PESERTA KAGIATAN

Peserta anu ilibiung dina ieu kagiatan karya wisata nyaeta:
1. Pangurus: 18 urang
2. Anggota: 30 urang
3. Pembina: 3 urang

F. OBYEK KARYA WISATA
a. Pantai Pondok Bali 
b. Tangkuban Parahu
c. Situ Patengang

G. SUSUNAN KAPANITIAAN
Katua: M Rifki
Wakil Katua: Syariful An’am
Juru tulis: Rere Widiasari
Bandahara: Aliya Ainun
Seksi dokumentasi: Arif, Mina, Acep, & Agus
Seksi acara: Raihan P & Amalia Husna
Seksi konsumsi: Ani & Meyta
Seksi logistik: Deden Nugraha, Ali Nur & Cecep
Seksi kandaraan: Amirul R & Wendy A
Seksi kebersihan: Solih Solihun & Rena Renata

H. RINCIAN ANGGARAN

Pamasukan:
a. Kas Karang Taruna Sumedang : Rp2.200.000
b. Dana Anggota : Rp2.200.000
c. Dana Panitia : Rp600.000
d. Sumbangan pamarentah desa : Rp4.000.000

Pangeluaran:
1. Travel bus : Rp3.500.000
2. Ongkos supir jeung kenek : Rp500.000
3. Tiket asup Pantai Pondok Bali : Rp800.000
4. Tiket asup Tangkuban Parabu : Rp750.000
5. Tiket asup Situ Patengang: Rp900.000
6. Konsumsi : Rp1.300.000
7. P3K: Rp350.000
8. Parkir bus: Rp150.000

TOTAL ANGGARAN :
Total Pemasukan – Total Pengeluaran
Rp9.000.000 – Rp8.250.000
Sisa: Rp750.000 (lebeut ka kas Karang Taruna)

 

 

-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

 

Contoh 3

LAPORAN PASANGGIRI PUPUH SMP CEMPAKA PUTIH

A. PANGJAJAP

1. KASANG TUKANG


Pupuh nyaeta salah sahiji bentuk kasenian jeung sastra urang sunda anu cara ngadugikeunnana di tembangkeun. Salah sahiji kagiatan anu tiasa mikawanoh kana ieu kasenian nyaeta ku ngayakeun ieu pasanggiri atanapi lomba. Lomba ieu dihareupkeun tiasa janteung wadah kanggo siswa nepikeun bakat anu aya dina dirina.

2. TUJUAN

Tujuan dijieuna ieu laporan nyaeta :

a. Ngajentrekeun lumansungna pasanggiri Pupuh SMP Cempaka Putih.
b. Ngarah para pamilon tiasa mikawaboh kana seni sarta budaya sunda.
c. Ngarah para pamilon tiasa nembang pupuh jeung kengeng apresiasi ti pihak sakola
d. Kanggo numbuhkeun kacinta siswa SMP Cempaka Putih kana seni budaya sunda.

3. MASALAH POKO ANU DILAPORKEUN

Lumangsungna ieu kagiatan pasanggiri pupuh di SMP Cempaka Putih

4. SISTEMATIKA LAPORAN

a. Data pamilon

Jumlah pamilon dina ieu kagiatan saloba 25 siswa. Anu janteun jawara aya 3 nyaeta Wike Ayu Utami (kahiji), Nenden Lestari (kadua) jeung Arif Syarifullah (katilu).

b. Waktos jeung Tempat Kagiatan

Waktos :08.00 – rengse
Dinten : Kemis
Kaping : 20 Januari 2023
Tempat : Aula SMP Cempaka Putih

c. Proses Lumangsungna Kagiatan

Waktos pasanggiri ieu lumangsung sadinten anu dibagi janteun dua kalempok. Juri dina pasanggiri aya opat. Nilai juri dijumlahkeun tuluy diitung anu paling gede sangkan eta jawarana.

d. Kacindekkan

Kagiatan pasanggiri pupuh ieu atos dilumangseungkeun, jeung di program sateuacana masih keneh kurang seeur paminat lantaran masih sakeudik anu apal pupuh – pupuh naon wae anu aya di tanah Sunda.

e. Saran

Saran kanggoa acara pasanggiri pupuh salajeungna nyaeta nyebarkeun pangumuman ka leuwih seeur siswa ngarah tambih seeur oge pamilonna.

 


POSTING TERUPDATE

Peringatan Isra' Mi'raj 1446 H