LAPORAN PASANTREN KILAT SMP CENDEKIA BURANGRANG
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean..
Contoh 2
“LAPORAN
PERTANGGUNG JAWABAN KAGIATAN KARYA WISATA KARANG TARUNA SUMEDANG”
A. KASANG TUKANG
A. KASANG TUKANG
Dumasar kana diayakeuna program kerja Karang
Taruna Kabupaten Sumedang ieu ogé kumargi sakumaha kauninga urang sadaya yén
kaitung penting kagiatanana. Sapertos kagiatan wisata anu atos
dilumangseungkeun ku urang sadaya, kukituna ieu laporan janten penting kanggo
keterbukaan informasi.
Kagiatan karya wisata ieu janteun acara rutin
kanggo pamuda Karang Taruna yen tiasa kengeng mangfaat hiburan oge. Salian ti
eta, pangurus Karang Taruna janteun gaduh panambih elmu jeung pangalaman anu
bisa dicaritakeun ka kulawargi oge pamuda anu bakal ngadeg di kapangurusan
salanjeungna.
B. TUJUAN KAGIATAN
Aya ogé tujuan tina kagiatan karya wisata ieu
nyaeta:
1. Nyugemakeun tiap Anggota jeung Pengurus Karang
Taruna Kabupaten Sumedang
2. Nambah elmu sarta pangaweruh tur rasa silih
paduli antar anggota oge Pengurus Karang Taruna Kabupaten Sumedang
3. Nunjukkeun kakayaan budaya sarta kaendahan alam
anu aya di sakitar lingkungan Karang Taruna Kabupaten Sumedang
C. NAMI KAGIATAN
Nami ieu kagiatan nyaéta “WISATA KARANG TARUNA
KABUPATEN SUMEDANG”
D. WAKTOS & TEMPAT KAGIATAN
Kegiatan ieu rencanana bakal dilumajeungkeun dina:
Poe : Jumat wengi dugi ka Sabtu enjing
Kaping : 5 – 7 September 2023
E. PESERTA KAGIATAN
Peserta anu ilibiung dina ieu kagiatan karya
wisata nyaeta:
1. Pangurus: 18 urang
2. Anggota: 30 urang
3. Pembina: 3 urang
F. OBYEK KARYA WISATA
a. Pantai Pondok Bali
b. Tangkuban Parahu
c. Situ Patengang
G. SUSUNAN KAPANITIAAN
Katua: M Rifki
Wakil Katua: Syariful An’am
Juru tulis: Rere Widiasari
Bandahara: Aliya Ainun
Seksi dokumentasi: Arif, Mina, Acep, & Agus
Seksi acara: Raihan P & Amalia Husna
Seksi konsumsi: Ani & Meyta
Seksi logistik: Deden Nugraha, Ali Nur & Cecep
Seksi kandaraan: Amirul R & Wendy A
Seksi kebersihan: Solih Solihun & Rena Renata
H. RINCIAN ANGGARAN
Pamasukan:
a. Kas Karang Taruna Sumedang : Rp2.200.000
b. Dana Anggota : Rp2.200.000
c. Dana Panitia : Rp600.000
d. Sumbangan pamarentah desa : Rp4.000.000
Pangeluaran:
1. Travel bus : Rp3.500.000
2. Ongkos supir jeung kenek : Rp500.000
3. Tiket asup Pantai Pondok Bali : Rp800.000
4. Tiket asup Tangkuban Parabu : Rp750.000
5. Tiket asup Situ Patengang: Rp900.000
6. Konsumsi : Rp1.300.000
7. P3K: Rp350.000
8. Parkir bus: Rp150.000
TOTAL ANGGARAN :
Total Pemasukan – Total Pengeluaran
Rp9.000.000 – Rp8.250.000
Sisa: Rp750.000 (lebeut ka kas Karang Taruna)
-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Contoh 3
LAPORAN PASANGGIRI PUPUH SMP CEMPAKA PUTIH
A. PANGJAJAP
1. KASANG TUKANG
Pupuh nyaeta salah sahiji bentuk kasenian jeung sastra urang sunda anu cara
ngadugikeunnana di tembangkeun. Salah sahiji kagiatan anu tiasa mikawanoh kana
ieu kasenian nyaeta ku ngayakeun ieu pasanggiri atanapi lomba. Lomba ieu
dihareupkeun tiasa janteung wadah kanggo siswa nepikeun bakat anu aya dina
dirina.
2. TUJUAN
Tujuan dijieuna ieu laporan nyaeta :
a. Ngajentrekeun lumansungna pasanggiri Pupuh SMP Cempaka Putih.
b. Ngarah para pamilon tiasa mikawaboh kana seni sarta budaya sunda.
c. Ngarah para pamilon tiasa nembang pupuh jeung kengeng apresiasi ti pihak
sakola
d. Kanggo numbuhkeun kacinta siswa SMP Cempaka Putih kana seni budaya sunda.
3. MASALAH POKO ANU DILAPORKEUN
Lumangsungna ieu kagiatan pasanggiri pupuh di SMP Cempaka Putih
4. SISTEMATIKA LAPORAN
a. Data pamilon
Jumlah pamilon dina ieu kagiatan saloba 25 siswa. Anu janteun jawara aya 3
nyaeta Wike Ayu Utami (kahiji), Nenden Lestari (kadua) jeung Arif Syarifullah
(katilu).
b. Waktos jeung Tempat Kagiatan
Waktos :08.00 – rengse
Dinten : Kemis
Kaping : 20 Januari 2023
Tempat : Aula SMP Cempaka Putih
c. Proses Lumangsungna Kagiatan
Waktos pasanggiri ieu lumangsung sadinten anu dibagi janteun dua kalempok. Juri
dina pasanggiri aya opat. Nilai juri dijumlahkeun tuluy diitung anu paling gede
sangkan eta jawarana.
d. Kacindekkan
Kagiatan pasanggiri pupuh ieu atos dilumangseungkeun, jeung di program
sateuacana masih keneh kurang seeur paminat lantaran masih sakeudik anu apal
pupuh – pupuh naon wae anu aya di tanah Sunda.
e. Saran
Saran kanggoa acara pasanggiri pupuh salajeungna nyaeta nyebarkeun pangumuman
ka leuwih seeur siswa ngarah tambih seeur oge pamilonna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar